Rabu, 10 November 2010

babasan paribasa

BABASAN JEUNG PARIBASA
Babasan nya éta ungkara dina wangun kecap kantétananu susunanna geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Paribasa nya éta ungkara dina wangun kalimah anu geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.
Conto babasan:
• Panjang leungun
• Gedé hulu
• Jam karét
• Peujit koréseun
Conto paribasa:
• Adat kakurung ku iga
• Agul ku payung butut
• Jati kasilih ku junti
• Biwir nyiru rombéngeun

purwakanti basa sunda

Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan.

Rupa-rupa purwakanti

Purwakanti pangluyu
Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.
Contona:
diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)
disawang ti tukang lenjang (a, ang)
ditilik ti gigir lenggik

Purwakanti maduswara
Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.
Contona:
Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)
ambek nyedek tanaga midek (e)
kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)
lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a)

Purwakanti cakraswara
Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.
Contona:
hirup-hurip
anjuk hutang
ngumbar napsu

Purwakanti laraspurwa
Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan.
Conto laraspurwa wianjana:
1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)
Conto laraspurwa engang:
1. palataran pasini pati
2. sakadar sabrang salayan
3. nu nyaksrak nyaliara
ngaruksak ngaraksuk
kaniaya kamanala
mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat





Purwakanti larasmadya
Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.
Contona:
Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas
Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.
Contona:
Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
mo humandeuar ku kadar
teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.
Contona:
Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna

Purwakanti mindoan wekas
Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.
Contona:
Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding
teu diturut ka carogé maling-maling
carogéna keur goréng ulaheun ginding
samping goréng bajuna teu maké kancing.

purwakanti mindoan kecap
Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.
Contona:
Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.
Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu
Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Contona:
Sukingki haté sukingki
sukingki paselup bungah
Bungah kagiridig simpé
Simpé awak talipurna
talipurna manjing sirna
sirna ringkang nu sakujur
sakujur kadua rasa