tag:blogger.com,1999:blog-74739623834622938932024-03-12T20:39:13.510-07:00sundaneseadjuv23http://www.blogger.com/profile/08564778466839106859noreply@blogger.comBlogger2125tag:blogger.com,1999:blog-7473962383462293893.post-33058157200541381352010-11-10T21:07:00.000-08:002010-11-10T21:07:47.277-08:00babasan paribasaBABASAN JEUNG PARIBASA

Babasan nya éta ungkara dina wangun kecap kantétananu susunanna geus matok sarta ngandung harti injeuman.

Paribasa nya éta ungkara dina wangun kalimah anu geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.

Conto babasan:

• Panjang leungun

• Gedé hulu

• Jam karét

• Peujit koréseun

Conto paribasa:

• Adat kakurung ku iga

• Agul ku payung butut

• Jati kasilih ku junti

• Biwir nyiru rombéngeunadjuv23http://www.blogger.com/profile/08564778466839106859noreply@blogger.com0tag:blogger.com,1999:blog-7473962383462293893.post-88249740721659760292010-11-10T20:35:00.000-08:002010-11-10T20:35:54.004-08:00purwakanti basa sundaPurwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan.

Rupa-rupa purwakanti

Purwakanti pangluyu

Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)

disawang ti tukang lenjang (a, ang)

ditilik ti gigir lenggik

Purwakanti maduswara

Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)

ambek nyedek tanaga midek (e)

kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)

lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a)

Purwakanti cakraswara

Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.

Contona:

hirup-hurip

anjuk hutang

ngumbar napsu

Purwakanti laraspurwa

Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan.

Conto laraspurwa wianjana:

1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)

2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)

3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)

Conto laraspurwa engang:

1. palataran pasini pati

2. sakadar sabrang salayan

3. nu nyaksrak nyaliara

ngaruksak ngaraksuk

kaniaya kamanala

mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

Purwakanti larasmadya

Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.

Contona:

Sok hayang nyaba ka Bandung

Sok hayang nyaho nanjakna

Sok hayang nanya nu pundung

Sok hayang nyaho nyentakna

Purwakanti laraswekas

Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

Pecat sawed bati ewed

tengah dalu ngan hanjelu

mo humandeuar ku kadar

teu rék lumpat ku nu ngupat

Purwakanti mindoan kawit

Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.

Contona:

Lain bangban lain pacing,

lain kananga kuduna.

Lain babad lain tanding,

lain ka dinya aduna

Purwakanti mindoan wekas

Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.

Contona:

Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding

teu diturut ka carogé maling-maling

carogéna keur goréng ulaheun ginding

samping goréng bajuna teu maké kancing.

purwakanti mindoan kecap

Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.

Contona:

Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.

Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

Purwakanti margaluyu

Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Contona:

Sukingki haté sukingki

sukingki paselup bungah

Bungah kagiridig simpé

Simpé awak talipurna

talipurna manjing sirna

sirna ringkang nu sakujur

sakujur kadua rasaadjuv23http://www.blogger.com/profile/08564778466839106859noreply@blogger.com0